السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
بِسْمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
Marilah berdo'a sebelum belajar anak-anakku...
رَبِّ زِدْنِي عِلْمًا وَارْزُقْنِيْ فَهْمًا
رَضِتُ بِااللهِ رَبَا وَبِالْاِسْلاَمِ دِيْنَا وَبِمُحَمَّدٍ نَبِيَا وَرَسُوْلاَ رَبِّ زِدْ نِيْ عِلْمًـاوَرْزُقْنِـيْ فَهْمًـا
Tah, dinten ieu Bapa bade masihan tantangan mangrupi ngalantunkeun pupuh, nu gampil wae we nya.... sateuacana masih keneh emut pupuh teh naon?
Pupuh nyaeta salah sahiji jenis kasenian
sunda anu mangrupa kakawihan puisi anu tangtu polana, boh engang (suku
kata) atawa sorana. Satiap pupuh ngagaduhan masing-masing watek atawa
ciri nu ngagambarkeun hiji kaayaan atawa kajadian.
Pupuh aya 17 rupa, nyaeta :
- Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
- Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
- Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
- Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
- Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
- Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
- Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
- Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
- Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
- Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
- Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
- Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
- Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
- Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
- Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
- Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
- Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
alhamdulillah, rengse tah saatos diajar mangga ayeuna urang ngadu'a
رَبَّنَا انْفَعْنَا بِمَاعَلَمْتَنَا الَّذِيْ يَنْفَعُنَا وَزِدْنَا عِلْمًا وَالْحَمْدُلِلّٰهِ عَلَى كُلِّ حَالٍ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْن
وَ السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
Comments
Post a Comment